DONGENG SUNDA - HIHID KABUYUTAN


HIHID KABUYUTAN

( Parabel )

Di hiji kampung, hirup dua pahatu lalis nu teu boga dulur baraya, eta pahatu teh si nyai jeungsiujang. Hirupna sapopoe ngan saukur miharep pamereean ti tatangga.

Dina hiji poe eta dua budak pahatu lalis ullin ka leuweung, lain saullin ulinna tapi maranehna bari neangan dahareun saparan paran. di tengah leuweung maranehna manggihan tanggal jambu anu leubeut buahna jeung buahna teh meni arasak pika bitaeun, ninggali eta tangkal si nyai ngarenghik ka lanceukna hayang dipangngalakeun eta jambu. Tapi si ujang teuing ku naon manehna rada haroream siga aya pirasat bakal aya kajadian anu pimatakeun. Tapi ngadenge adina ceurik ngarenghik ku sabab lapar oge meureun da ti subuh maranehna can barang dahar. Eleh ku ceurik adi manehna akhirna nyanggupan ngala eta jambu" sok akang naek tapi nyai kudu ati--ati lamun aya nanaon di handap nyai kudu buru buru ngomong ka akang" nyai unggeuk tandana ngarti.

Terekel weh si ujang naek kana tanggal jambu maksudna rek ngaka jambu keur si nyai adina nu keur lapar can dahar ti isuk tea. Si ujang naek leor teh aya oray sanca sagede tanggkal kalapa ... laun - ngadeukeutan suku si nyai. Kakara ngala hiji jambu si nyai geus ngajorowok" kang tulungan, kang tulungan aya nu gagarayaman kana ramo jeung ngegelan..." usap wehnyai sireum meureun. Ceuk si ujang.... kakara balem si nyai ngajorowok deui..." kangtulungan kang tulungan aya nu gagarayaman kana bitis jeung ngegelan. Usap siereum meureun. Kitu jeung kitu jawab si ujang tepi ka si nyai ngagorowok " kang tulungan kang tulungan aya nu gagarayaman kana beuheung jeung ngegelan. Ti harita teu kadenge deui sora si nyai si ujang jadi heran " naha si nyai teh gening jempling... nyai.. nyai naha jempe. Barang ret ka handap si nyai geus teu aya. Si ujang kaget trus rusuh turun. Di teangsn si nyai ku manehna tapi teu weuleh teu kapanggih.

Teu jauh tina tanggkal tempat manehna naek tadi aya oray keur ngabugigag semu nu kabuhulan. Ku kaget jeung sieun si ujang luncat .. tepikeun ka manehna hampir ti kusruk kana lombang nu teu jauh ti manehna.

Teu lila ti harita kadenge aya manuk anu nu jejerewetan " cukrik ..cukrik turih ku pucuk eurih..." yerus eta manuk disadana kitu jeung kitu... si ujang panasaran ret kana oray ret kana manuk akhirna manehna ngarti nyokot pucuk eurih diturik eta oray teh.. breh teh gening enya dina jero beteng eta oray aya si nyai .. ku teuwas jeung tewas rawu si nyai di rawu dipindahkeun kanu rada lega.. hing we si ujang ceurik di ngali adina teu bisa walakaya. Inget manehna ka ninina anu pernah ngawariskeun hiji hihid nini kantos ngawasiatan nyeun eta hihid teh sakti bisa ngahirupan anu geus maot.. di coba ku manehna bari ngageberan si nyai ku hihid manehna nyanyi

" geber geber hihid aing, hihid aing kabuyutan

Titinggal nini awaking"

Kerenyed suku si nyi usik

Terus manehna nyanyi deui

"Geber geber hihid aing, hihid aing kabuyutan

Titinggal nini awaking"

Kerenyed tuurna usik

Nyanyi deui

" geber geber hihid aing, hihid aing kabuyutan

Tutinggal nini awaking"

Kerenyed beuteungna usik

Nyanyi deui

" geber geber hihid aing, hihid aing kabuyutan

Titinggal nini awaking

Kerenyed sirah si nyai usik, teu lila matana benta,si ujang bunggah di rawu terus ditangkeup adina nu geus hirup deui, hing duanana ceurik bari patangkeup tangkeup. Nuhun duh gusti abinu dibasihan berkah pun adi tiasa hirup deui. Abdi janji bade ngajaga jeung nalingakeun pun adi.

Ti harita eta dua sadulur sili talingakeun jeung silih saga sabab sieun kajadian anu katukang kaalaman deui

0 Response to "DONGENG SUNDA - HIHID KABUYUTAN"

Post a Comment